Sabtu, 30 Desember 2017
Rabu, 06 Desember 2017
Selasa, 05 Desember 2017
Jumat, 01 Desember 2017
Rabu, 15 November 2017
KAJIAN DONGÉNG SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG BAGONG
KAJIAN DONGÉNG
SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG BAGONG
A.
Dongéng
Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong
Kacaritakeun
di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Éta bagong téh
keur huleng jentul waé bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poé eta
manéhna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaéta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manéhna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung.
Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya baé ka kuring, Sakadang Maung!
Kuring téh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu baé, engké
lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna
empuk tur pelem.”
Ngadéngé caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung téh
teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manéhna rék datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu
nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rék téga mikeun anak ka Sakadang Maung?
Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng
mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang
Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon
pangna manéhna baluweng poék pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring baé. Urang néangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rék néangan Sakadang Landak!”
Sakadang Peucang ngaléos. Teu lila ogé geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manéhna terus ngajak indit ka hiji guha.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring baé. Urang néangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rék néangan Sakadang Landak!”
Sakadang Peucang ngaléos. Teu lila ogé geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manéhna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna.
Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poék. Buluna anu
kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang
guha, ngabagéakeun Sakadang Maung lamun engké ngurunyung. Ari manéhna kadua
anak Sakadang Bagong rék nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti
kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampéan
téh, Sakadang Bagong?” cék Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antaré nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah
geuning katenjo ti dieu ogé, ngaringkuk di juru. Pék ayeuna kuring masrahkeun,
nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy baé sakaligus,
sing ulah kadéngé ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rék indit heula, teu
kaduga nenjona.”
Sakadang Maung nénjo rarat-rérét ka jero guha. Enya baé katénjoeun
aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb,
gabrug baé nu ngaringkuk téh dirontok, disamualkeun. Puguh baé cucuk landak téh
rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih.
Diutah-utah ogé landak téh teu daékeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan.
Antukna Sakadang Maung téh paéh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manéhna
nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus méré pitulung ka dirina. Kitu
deui ku Sakadang Landak ogé manéhna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui
ninggalkeun Sakadang Bagong.
B.
Kajian
Dongéng Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong
a. Penokohan Dongéng Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong
Tokoh
anu aya dina ieu dongéng di antarana:
a. Sakadang
Maung : miboga watek sok ngerekeb
sasatoan. Kasebutna sato galak.
b. Sakadang
Bagong : miboga watek asih ka anak.
Embung anakna paéh alatan dikerekeb ku sakadang Maung. Lian ti éta, miboga
sipat sok mikir panjang.
c. Sakadang
Peucang : sato nu pinter, réa akalna.
d. Sakadang
Landak : dina ieu dongéng digambarkeun
sato anu miboga rasa simpati ka sasama sato. daék tutulung.
Naha kudu sato-sato nu aya di luhur?
Tokoh maung mangrupa sosok anu pas pikeun ngagambarkeun kasarakahan. Hal ieu
bisa katitén tina watek sakadang maung anus ok ngakaya ka sasama sato. Malah
nepi ka dikerekebna. Maung ogé mangrupa
sato anu sok nyorangan, lantaran tara aya nu daék maturan.
Bagong mangrupa gambaran sato anu sok
néangan celah sangkan dirina salamet dina hiji perkara. Kajeun teuing batur
cilaka, asal manéhna salamet. Bisa katitén tina ungkara bagong tina sempalan
dongéng ieu di handap.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung.
Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung!
Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke
lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna
empuk tur pelem.”
Bagong miboga watek kajeun batur
kalaparan asal manéhna seubeuh. Kitu deui digambarkeun dina ieu dongéng, nu
penting manéhna salamet teu dikerekeb ku maung, bari jeung rék ngorbankeun
anakna.
Peucang mangrupa gambaran tokoh anu sok
tutulung ka sasama. Hal éta bisa katitén ieu di handap.
“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang
Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon
pangna manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita:
“Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae.
Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung.
Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!”
Tina sempalan dongéng di luhur, bisa
katitén yén peucang téh mangrupa sato pinter. Manéhna anu boga sekénario
sangkan anak sakadang bagong salamet tina panandasa sakadang Maung. Naha
gambaran sato pinter sok digambarkeun ku peucang? Ieu ngagambarkeun yén upama ningali hiji hal ulah kawengku fisik waé,
tapi tingali nepi ka jero-jerona. Siga Peucang, najan pangawak leutik tapi
manéhna pinter.
Sakadang landak dina ieu dongéng mung
sakadar panglengkep, lantaran jadi jalan mulusna rencana sakadang peucang. Tina
ieu hal, urang bisa nyokot amanat, yén urang té kudu ngamangpaatkeun sagala
rupa anu geus dianugrahkeun ku Pangéran.
b.
Téma
Dongéng
Ieu
dongéng miboga téma silih tulungan. Hartina, dina hirup urang kudu daék
tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah. Lantaran hirup manusa mah teu
salawasna aya dina susah atawa senang. Pasti hiji mangsa mah aya waé pangabutuh
ka batur.
c.
Kajadian
dina dongéng
Saenyana
kajadian anu aya dina dongéng téh mangrupa kajadian anu ilahar nyampak di
masarakat. Waték sakadang Bagong anu hayang salamét réa kapanggih di masarakat.
Éta tokoh téh mangrupa gambaran manusa anu hayang salamet sorangan, kajeun
batur nu cilaka. Kitu deui gambaran Maung, loba nyampak di pamingpin anus ok
sangeunahna ka jalma leutik. Teu mikirkeun kana kaayaan nu dihandap. Kajadian anu luar biasana nyaéta nalika
sasatoan sakabéna bisa nyarita. Ieu hal dilantarankeun nepi ka kiwari sasatoan
can kungsi kapanggih bisa nyarita jeung manusa.
Tapi, dina ieu dongéng saenyana sasatoan jadi symbol laku lampah manusa.
d.
Ajén
anu Nyampak dina Dongéng
Ajén anu nyampak tina
ieu dongéng nyaéta ajén sosial. Anapon
ajén social éta di antarana:
a. Kudu
daék tutulung ka sasama.
b. Ulah
sok nyiksa ka nu teu walakaya.
c. Kudu
bisa ngamangpaatkeun bakat nu nyampak, cara sakadang Landak anu teu bisa
dikerekeb ku sakadang Maung.
Arsitéktur Imah Tradisional Sunda
Arsitéktur Imah Tradisional Sunda
Ku
Dimas Patria
Kuswan Nurhidayat
Adhika Nurkholis Aziz
A. Kasang Tukang
Ku ayana arus globalisasi, tangtu loba hal anu
mangaruhan dina kahiripan masarakat. Kiwari bisa katitén dina kahirupan
sapopoé, gaya hirup masarakat geus robah. Ti mimiti kadaharan, papakéan,
nepikeun ka wangunan imah.
Di jaman kiwari, manusa kadang teu maliré yén
budayana téh miboga ajén nu luhung. Hal ieu diwewegan ku Sumardjo (2009: 10)
yén manusa Indonesia kiwari geus teu hayang apal kana pola pikir anu geus
dikembangkeun ku karuhun maranéhna. Sakabéna hayang cara mikir jeung cara hirup
anu béda jeung karuhun baheula. Nilik kana hal éta, tangtuna bakal jadi hal anu
ngarusak kana budaya sorangan.
Ngeunaan arsitéktur Sunda, aya hiji hal anu ngirut
jeung matak hadé pikeun ditalungtik. Éta hal nyoko kana naha imah urang sunda
teu permanén, naha dijieunna tina awi, jeung sajabana. Numutkeun Salura
(2007:3) dina kajian arsitéktur lokal, pamahaman anu teleb ngeunaan budaya
masarakat sabudeureun mangrupa hal anu penting. Lantaran arsitéktur teu leupas
tina kontéks budaya tempat éta arsitéktur aya. Dimasa rkana pamadegan éa, upama
urang rék nalungtik arsitéktur, tangtu bakal kapaluruh boh pola hirup boh
interaksi sosial nu aya di éta masarakat.
Tina hal éta, aya paniatan ti panulis pikeun nalungtik arsitéktur Imah
tradisional Sunda. Ku kituna, panalungtik museurkeun panalunngtikan ieu makalah
kalayan judul “Arsitéktur Imah
Tradisional Sunda.”
B. Wangun Imah Tradisional Sunda
Imah
tradisional Sunda biasana wangun panggung. Luhurna antara 0,5 meter-1,8 meter.
Di handapna biasana aya kolongan. Kolong ieu miboga fungsi pikeun nyangcang
ingon-ingon atawa neundeun pakakas tatanén.Pikeun naék ka imah, disadiaan
golodog. Golodog oé miboga fungsi pikeun mersihan suku saméméh naék ka
jero imah nu dijieunna tina kai atawa awi.
Sedengkeun hateup imah aya tilu
rupa, di antarana:
a) rarangki tukang/hateup tukang nu wangunna panjang;
b) rarangki pondok/hateup tengah nu wangunna leuwih pondok; jeung
c) rarangki panjang/hateup hareup nu wangunna
pangpanjangna.
Anapon wawangunanna bias ditingali dina gambar ieu di
handap:
![]() |
Gambar 1
Dénah Imah Tradisional Sunda
Wangun
suhunan imah tradisional Sunda anu geus ilahar aya genep rupa. Tangtuna wangun
suhunan di Sunda miboga ciri anu mandiri upama dibandingkeun jeung sékésélér
séjén nu aya di Indonesia. Rupa-rupa wangun suhunan imah tradisional Sunda, di
antarana dipedar ieu di handap.
1. Jolopong
Wangun
hateupna sarua panjangna jeung sajajar jeung dua sisi handap widang hateup anu
sabeulah-nyabeulah. Ieu imah miboga bagéan:
- ruang hareup (émpér / tepas)
- ruang tengah (tengah imah / patengahan)
– ruang gigir (pangkéng)
– ruangan tukang (pawon jeung padaringan).
2. Badak Heuay
Wangunna
siga saung, teu maké wuwung sambungan hateup hareup jeung tukang. Siga badak
keur heuay.
3. Tagog Anjing
Wangunna
saperti badak heuay, tapi di bagéan hareupna leuwih panjang jeung mudun siga
ditekuk (anjing dongko).
4.Capit Gatung
Dina bagéan
hateup tungtung tukang jeung hareup luhur maké kai atawa awi nu wangunna nyakra
saperti tanda X.
5. Parahu Kumureb
Hateup
wangun parahu kumureb, wanguna siga parahu anu dibalikkeun atawa parahu
kumureb.
6. Julang Ngapak
Wangun
hateup julang ngapak, dina sisi kénca jeung katuhu rada lega ka gigir. Siga
manuk nu keur hiber.
Pikeun bahan
wangunan imah tradisional Sunda ieu make paseuk tina awi (nguatkeun tihang),
tali tina injuk atawa tepes kalapa, jeung hateupna maké injuk, daun kalapa
atawa daun rumbia. Alasna biasana dijieun tina papan kai atawa palupuh. Anapon
conto gambar suhunan imah tradisional Sunda bias ditingali ieu di handap.
![]() |
Gambar 2
Rupa-rupa wangun suhunan imah Sunda
C. Ciri-ciri Arsitéktur Imah
Tradisional Sunda
Ciri-ciri arsitéktur imah tradisional sunda di
antarana:
1) ari wangun (bentuk) imah, biasana pasagi panjang;
1) ari wangun (bentuk) imah, biasana pasagi panjang;
2) alasna make palupuh awi;
3) bilikna tina awi dianyam atawa ku sasag;
4) Rangkay imah dijieunna
tina kai; jeung
5) Maké
tatapakan tina batu.
D. Babagian
Imah Tradisional Sunda
Imah Tradisional
Sunda dibagi kana tilu bagéan anapon babagianna saperti ieu di handap:
a.
Bagéan
hareup
Rohangan bagéan hareup disebut tepas, émpér, atawa sosoro.
Ieu rohangan miboga fungsi pikeun narima tamu jeung pikeun leleson di luar.
Pikeun urang Sunda nu boga tanah rada lega, biasana ngawangun kamar husus
pikuen tamu nu sajajar jeung tepas imah.
b.
Bagéan
tengah
Rohangan tengah disebut tengah imah. Dina ieu bagéan, aya pangkéng atawa kamar saré kalayan
jumlahna disaluyukeun jeung jumlah anggota kulawarga. Lian ti éta, ukuran
unggal kamar disaluyukeun jeung legana imah. Rohangan saré kolot, budak lalaki
jeung awéwé dipisah. Aya ogé rohangan kulawarga pikeun ngariungna sakabéh
kulawarga.
c.
Bagéan
tukang
Bagéan tukang disebut tukang imah. Aya dapur jeung goah. Dapur miboga fungsi salaku rohangan pikeun popolah atawa masak. Goah nyaéta rohangan anu deukeut jeung dapur nu miboga fungsi pikeun neundeun dahareun, samara, parabot-parabot dapur jeung padaringan. Padaringan nyaéta gentong anu dijieunna tina taneuh liat anu fungsina pikeun neundeun béas. Ngan awéwé anu meunang asup ka dapur jeung goah.
Di satukangeun imah, biasana diwangun sumur salaku
sumber cai. Biasana sadia ogé popoéan jeung pancuran cai.
Di saluareun imah ogé biasana diwangun leuit. Leuit
nyaéta wangunan tempat neundeun hasil tatanén. Biasana dipaké pikeun neundeun
paré.
Pikeun nutu paré, biasana sok aya saung lisung.
Biasana ieu wangunan téh diwangun ku masarakat di sabudeureun éta lembur.
Biasana masarakat nutu paré ramé-ramé. Kagiatan nutu paré ieu biasana
dibarengan ku hariring jeung tutunggulan.
E. Fungsi Arsitéktur Imah Tradisional
Sunda
Pikeun urang Sunda, imah téh lain saukur patempatan cicing, atawa tempat
istirahat wungkul, tapi ogé
boga harti anu leuwih lega, nyakup sosial, ékonomis jeung jadi puseur atikan
budaya kaasup atikan mora. Atuh salian ti éta, imah ogé dianggap wangunan suci
(sakral).
Di jero imah, biasana aya interaksi. Nya di dieu pisan tumuwuhna hubungan sosial (sosialisasi) anggota kulawarga. Di imah pisan tempat migawé hal-hal nu sipatna ekonomis (home industry). Di imah pisan hal-hal nu patali jeung atikan kabudayaan ku indung-bapa diajarkeunana ka anak-anakna.
Kitu deui imah teh dianggap suci (sakral), disaruakeun jeung alam mikro (bumi sok disebut imah), nu dianggap miniaturna tina makro (dunya = anu oge disebut bumi). Jadi bumi (imah) teh dianggap sarua jeung bumi (dunya).
Eta sababna upama hiji imah dipake hal-hal nu teu hade atawa dipake hal-hal anu kotor, bakal dianggap ngaruksak kasakralan imah, imahna jadi “sial”.Ceuk urang Sunda mah imah teh mangrupa tempat anu suci nu kudu dijaga kasucianana.
F. Ajén Filososfis Imah Tradisional
Sunda
Ajén Falsafah anu nyampak
dina arsitéktur imah tradisional sunda sacara umum, ngaran suhunan imah
tradisional Sunda ditujukeun pikeun ngahormat
ka alam sabudeureunnana. Ditingali tinga bahan anu dipaké pikeun ngawangun,
imah tradisional Sunda kesanna ipis, teu tohaga. Tangtu jauh tina anggapan yén
urang Sunda ngawangun imah téh pikeun dijadikeun bénténg. Dina ieu hal
ngabuktikeun yén urang Sunda ngajungjung
karukunan. Imah urang Sunda dipaké nyalindung tina hujan, angin, sorot panon
poé jeung sasatoan.
Ditilik tina ajén
filosofisna, imah tradisional urang Sunda dibagi kana tilu, di antarana:
a)
Buana
Nyungcung
Nu
dimaksud buana nyungcung nyaéta suhunan imah anu wangunna nyungcung. Ieu
nyimbolkeun yé urang Sunda nyembah ka Hyang Tunggal. Lina ti éta, Buana
nyungcung ogé dina gugunungan diibaratkeun tempat cicingna para Hyang, hartina
teu sagawayah bias cicing di buana nyungcung.
b)
Buana
Panca Tengah
Buana
Panca Tengah dina babagéan imah urang Sunda mangrupa bagéan tengah imah, di
mana nu boga imah cicing. Ieu diibaratkeun dunya anu dicicingan ku manusa anu
keur ngalalakon di alam dunya.
c)
Buana
Peteng
Anu
dimaksud buana peteng dina babagéan imah nyaéta kolong imah anu biasana dipaké
neundeun pakarang tatanén atawadijadikeun kandang sasatoan. Buana peteng
diibaratkeun salaku tempat kotor, tempat hirupna siluman jeung sajabana.
Sakumaha
disebutkeun di luhur, yén lalaki teu meunang asup ka dapur jeung goah, alsesana
nyaéta kulantaran lalaki kudu jadi panyalindung awéwé. Kitu deui awéwé,
kudu bisa ngayoman jeung ngawulaan lalaki.
G. Sawatara Tempat anu Masih Kénéh Aya
Imah Tradisional Sunda
Upama dipapay leuwih jauh conto arsitektur nu asli
Sunda tur dina wangunan nu masih kénéh basajan. Anapon lokasina di antarana:
-
Baduy (Banten Kidul)
-
Kampung Naga (Tasikmalaya)
-
Kampung Pulo (Garut)
-
Kampung Genereh (Sumedang)
-
Kampung Palasah (Majalengka)
-
Kampung Gabus (Cirebon)
Di Baduy, Kampung Naga jeung Kampung Pulo, beunang
disebutkeun wangunan imah-imahna masih kénéh asli. Tapi di Kampung Genereh,
Palasah jeung Gabus mah, ngan kari hiji-dua baé, kitu oge kaayanana geus loba
anu ruksakna.
Di handap ieu aya sababsaraha gambar imah
tradisional Sunda ti sababaraha wewengkon. Anapon éta wewengkon téh di
antarana:
1. Kampung
Naga, Tasikmalaya

2. Baduy
Banten
![]() |
3. Majalengka

4.
Ciasem,
Subang
![]() |
4. Ciamis
![]() |
5. Cilimus,
Kuningan
![]() |
Daftar
Referensi
Salura,
Purnama. 2007.Menelusuri Arsitektur
Masyarakat Sunda.-: PT Cipta Sastra Salura.
Sumardjo,
Jakob. 2009. Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda: Tafsir-tafsir Pantun Sunda.
Bandung: Kelir.
Langganan:
Postingan (Atom)
LAMUNAN
Vokal : Nunung Nurmalasari NGOLÉBATNA MUNG SAKEDAPAN NÉMBONGAN UKUR NGÉMUTAN MANGSA LAWAS NU KALAKONAN KIWARI KAGAMBAR DEUI DINA LAMUNA...
-
KAJIAN DONGÉNG SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG BAGONG A. Dongéng Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong Kacaritakeun di h...
-
TRANSFORMASI SENI GEMBYUNG DANGIANG DONGDO KABUPATÉN SUBANG BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Budaya mangrupa hasil tina...