Rabu, 15 November 2017

KAJIAN DONGÉNG SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG BAGONG

KAJIAN DONGÉNG
SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG BAGONG

A.      Dongéng Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong
        Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Éta bagong téh keur huleng jentul waé bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poé eta manéhna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaéta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manéhna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya baé ka kuring, Sakadang Maung! Kuring téh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu baé, engké lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.”
Ngadéngé caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung téh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manéhna rék datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rék téga mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manéhna baluweng poék pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring baé. Urang néangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rék néangan Sakadang Landak!”
Sakadang Peucang ngaléos. Teu lila ogé geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manéhna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poék. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabagéakeun Sakadang Maung lamun engké ngurunyung. Ari manéhna kadua anak Sakadang Bagong rék nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampéan téh, Sakadang Bagong?” cék Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antaré nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu ogé, ngaringkuk di juru. Pék ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy baé sakaligus, sing ulah kadéngé ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rék indit heula, teu kaduga nenjona.”
Sakadang Maung nénjo rarat-rérét ka jero guha. Enya baé katénjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug baé nu ngaringkuk téh dirontok, disamualkeun. Puguh baé cucuk landak téh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah ogé landak téh teu daékeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung téh paéh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manéhna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus méré pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak ogé manéhna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.

B.       Kajian Dongéng Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong
a.      Penokohan Dongéng Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong
Tokoh anu aya dina ieu dongéng di antarana:
a.       Sakadang Maung    : miboga watek sok ngerekeb sasatoan. Kasebutna sato galak.
b.      Sakadang Bagong  : miboga watek asih ka anak. Embung anakna paéh alatan dikerekeb ku sakadang Maung. Lian ti éta, miboga sipat sok mikir panjang.
c.       Sakadang Peucang : sato nu pinter, réa akalna.
d.      Sakadang Landak   : dina ieu dongéng digambarkeun sato anu miboga rasa simpati ka sasama sato. daék tutulung.
Naha kudu sato-sato nu aya di luhur? Tokoh maung mangrupa sosok anu pas pikeun ngagambarkeun kasarakahan. Hal ieu bisa katitén tina watek sakadang maung anus ok ngakaya ka sasama sato. Malah nepi ka dikerekebna.  Maung ogé mangrupa sato anu sok nyorangan, lantaran tara aya nu daék maturan.
Bagong mangrupa gambaran sato anu sok néangan celah sangkan dirina salamet dina hiji perkara. Kajeun teuing batur cilaka, asal manéhna salamet. Bisa katitén tina ungkara bagong tina sempalan dongéng ieu di handap.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.”

Bagong miboga watek kajeun batur kalaparan asal manéhna seubeuh. Kitu deui digambarkeun dina ieu dongéng, nu penting manéhna salamet teu dikerekeb ku maung, bari jeung rék ngorbankeun anakna.
Peucang mangrupa gambaran tokoh anu sok tutulung ka sasama. Hal éta bisa katitén ieu di handap.
“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!”

     Tina sempalan dongéng di luhur, bisa katitén yén peucang téh mangrupa sato pinter. Manéhna anu boga sekénario sangkan anak sakadang bagong salamet tina panandasa sakadang Maung. Naha gambaran sato pinter sok digambarkeun ku peucang? Ieu ngagambarkeun yén upama  ningali hiji hal ulah kawengku fisik waé, tapi tingali nepi ka jero-jerona. Siga Peucang, najan pangawak leutik tapi manéhna pinter.
     Sakadang landak dina ieu dongéng mung sakadar panglengkep, lantaran jadi jalan mulusna rencana sakadang peucang. Tina ieu hal, urang bisa nyokot amanat, yén urang té kudu ngamangpaatkeun sagala rupa anu geus dianugrahkeun ku Pangéran.

b.      Téma Dongéng
Ieu dongéng miboga téma silih tulungan. Hartina, dina hirup urang kudu daék tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah. Lantaran hirup manusa mah teu salawasna aya dina susah atawa senang. Pasti hiji mangsa mah aya waé pangabutuh ka batur.

c.       Kajadian dina dongéng
Saenyana kajadian anu aya dina dongéng téh mangrupa kajadian anu ilahar nyampak di masarakat. Waték sakadang Bagong anu hayang salamét réa kapanggih di masarakat. Éta tokoh téh mangrupa gambaran manusa anu hayang salamet sorangan, kajeun batur nu cilaka. Kitu deui gambaran Maung, loba nyampak di pamingpin anus ok sangeunahna ka jalma leutik. Teu mikirkeun kana kaayaan nu dihandap.  Kajadian anu luar biasana nyaéta nalika sasatoan sakabéna bisa nyarita. Ieu hal dilantarankeun nepi ka kiwari sasatoan can kungsi kapanggih bisa nyarita jeung manusa.  Tapi, dina ieu dongéng saenyana sasatoan jadi symbol laku lampah manusa.

d.      Ajén anu Nyampak dina Dongéng
Ajén anu nyampak tina ieu dongéng nyaéta ajén sosial.  Anapon ajén social éta di antarana:
a.       Kudu daék tutulung ka sasama.
b.      Ulah sok nyiksa ka nu teu walakaya.
c.       Kudu bisa ngamangpaatkeun bakat nu nyampak, cara sakadang Landak anu teu bisa dikerekeb ku sakadang Maung.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

LAMUNAN

Vokal : Nunung Nurmalasari NGOLÉBATNA MUNG SAKEDAPAN NÉMBONGAN UKUR NGÉMUTAN MANGSA LAWAS NU KALAKONAN KIWARI KAGAMBAR DEUI DINA LAMUNA...