Rabu, 15 November 2017

TRANSFORMASI SENI GEMBYUNG DANGIANG DONGDO KABUPATÉN SUBANG

TRANSFORMASI SENI GEMBYUNG DANGIANG DONGDO
KABUPATÉN SUBANG



BAB I
BUBUKA

1.1  Kasang Tukang

Budaya mangrupa hasil tina kabiasaan masarakat anu lumangsung lila di hiji tempat. Kabudayaan mangrupa hasil tina lumangsungna budaya. Dua hal di luhur tangtuna miboga gantar kakaitan anu teu bisa dileupaskeun.
Dina kamekaranana, budaya teu leupas tina unsur jeung wujudna. Anapon nurutkeun C. Kluckhohn, aya tujuh unsur kabudayaan secara universal (universal categories of culture) nyaéta basa, sistem pangaweruh, sistem téknologi jeung  pakakas kahirupan, sistem kasenian, sistem pakasaban, sistem réligi, sistem kekerabatan jeung organisasi kamasarakatan.
Nurutkeun J.J. Hoenigman, wujud kabudayaan dibedakeun jadi tilu, nyaéta gagasan, aktifitas, dan artéfak. Tina hal éta, kabudayaan miboga hal-hal anu bisa ditelaah sacara gemet. Utamana waé tina pamikiran masarakatna, aktifitas jeung titinggal hasil kabudayaan nu aya di sabudeureun masarakatna.
Kabupatén Subang salaku wewengkon anu pernahna di daérah kalér provinsi Jawa Barat, miboga kasenian anu kalintang euyeub. Lian ti éta, loba bentuk seni anu nyaluyukeun jeung kaayaan wewengkonna. Kesenian anu kiwari geus mimiti dipikawanoh ku masarakat Kabupatén Subang di antarana Sisingaan, Dogér Kontrak, Toléat, jeung Gembyung.
Seni gembyung di kabupatén subang hususna miboga ciri anu mandiri. Aya sababaraha parobahan utamana dina hal pamirig. Kitu deui dina tepakna. Ku ayana hal éta, panulis ngarasa kataji pikeun ngayakeun panalungtikan anu dijudulan Transformasi dina Gembyung Dangiang Dongdo Kabupatén Subang.

1.2  Rumusan Masalah
Rumusan masalah dina ieu panalungtikan nya éta:
1)      Kumaha sausap saulas seni gembyung Dangiang Dongdo kabupatén Subang téh?
2)      Kumaha seni gembyung Dangiang Dongdo kabupatén Subang ditilik tina transformasi waditrana?
3)      Kumaha seni gembyung Dangiang Dongdo kabupatén Subang ditilik tina transformasi pintonannana?

1.3  Tujuan Panalungtikan
Tujuan diayakeunna ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadadarkeun:
1)      sausap saulas seni gembyung Dangiang Dongdo kabupatén Subang;
2)      seni gembyung Dangiang Dongdo kabupatén Subang ditilik tina transformasi waditrana;
3)      Kumaha seni gembyung Dangiang Dongdo kabupatén Subang ditilik tina transformasi pintonannana.



BAB II
PEDARAN

2.1 Sausap Saulas Seni Gembyung Dangiang Dongdo Kabupaten Subang
            Seni buhun gembyung mangrupa seni anu mimiti sumebarna kalayan alpukahna Sunan Kalijaga. Anjeunna nyebarkeun agama Islam kalayan média seni. Salasahiji kasenian anu dikembangkeun hususna di lingkungan pasantrén nyaéta seni kobong dongko (rebanaan).
Unggal ba’da Isya, para Santri biasana ngaderes nadham sholawat Nabi nu dipirig ku tepak rebana silih témbalan anu saluyu jeung wirahma tembang (nadham) dipapaés ku ibingan santri séjénna. Anapon disebut seni kobong dongko, lantaran ibing nu dipraktékkeun sabari dodongkoan.
Seni kobong dongko satuluyna sumebar di masarakat kalayan dina emprona diéré ngaran séwang-séwangan. Keur di Subang, para sesepuh baheula méré sebutan kana tradisi nepak genjring/terebang téh ku sebutan Gembyung anu mangrupa wancahan tina Ageman jeung Kabiruyungan.
Gembyung salaku kasenian tradisional maké genjring salaku alat utama. Dina unggal pintonanna, gembyung mintonkeun musik anu kalintang sakral. Éta hal dicekel pageuh ku nayaga gembyung pikeun ngajaga kaaslian seni tradisi nu diwariskeun ku karuhunna.
Seni gembyung anu dimekarkeun ku lingkung seni Dangiang Dongdo miboga khas anu mandiri. Gembyung anu dikembangkeun mangrupa seni gembyung asli anu dipadukeun jeung kendang, torompét, goong jeung waditra séjénna anu biasa dipaké pikeun mirig genjring bonyok atawa sisingaan. Tarompét salaku nu méré nada, miboga peran anu kacida pentingna dina pintonan seni gembyung.
Seni gembyung Dangiang Dongdo miboga ciri dibandingkeun seni gembyung séjénna nu aya di kabupatén Subang. Hal éta dilantarankeun ieu sanggar mukakeun rasana, yén seni téh bisa robah kalayan diwuwuhan ku waditra séjén jeung disapukan ku nu maénna. Hal éta bisa katitén tina wadirta anu nambahan di luar seni gembyung séjénna, saperti goong, kentrung jeung tarompét.
Sistem réligi dina ieu kasenian geus tangtu ngeunaan kaislaman. Hal éta bisa katitén tina lagu anu dibawakeun anu sabagian maké basa arab jeung eusina ngeunaan bagbagan kaislaman. Lian ti éta, bisa katitén tina raksukan ogé maké baju koko atawa pangsi, diluyukeun jeung kontéks acarana.
Tapi saenyana, lian ti pangaruh Islam anu dominan, masih katitén ayana pangaruh hindu anu can bisa dileungitkeun. Saperti ayana sasajén nalika pidangan gembyung dimimitian. Teu katinggaleun ayana parukuyan anu ngelun.
Grup seni gembyung Dangiang Dongdo dipingpin ku hiji pupuhu, nyaéta Bapa H. Bébét. Anjeunna nu marajian gumelarna ieu grup kalayan diwuwuhan ku dua sobatna nyaéa Bapa H. Moddi Madiana jeung Bapa H. Agustias Amin.
            Lumangsungna ieu grup seni teu leupas tina kapamingpinan Pa H. Bebet dina ngokolakeun ieu grup. Hal éta bisa katitén dina unggal kagiatan, ieu grup kalayan dialpukahan ku sesepuh sareng pupuhu.

2.2 Seni Gembyung Dangiang Dongdo Kabupatén Subang Ditilik tina Transformasi Waditrana
Sakumaha geus dipedar di luhur yén unsur kabudayaan nurutkeun C. Kluckhohn aya tujuh. Dina tujuh unsur éta, dadaran budaya kana ieu seni bakal dipuseurkeun kana kasenianna.
Dina rumpaka lagu, basa anu dipaké basa nu dipaké aya tilu nyaéta basa Sunda, Arab jeung Jawa.  Salasahiji rumpaka lagu anu maké basa Jawa jeung Arab bisa dititénan tina rumpaka Éngko Koléar di handap.
                  Yar bismillah alaa ingga maning
                  Yar bismillah alaa ingga maning
                  Ya Allah ya Rosulillah
Muhammadaa rasulillah

            Dina magelarkeun lagu di luhur, saukur maké terebang wungkul. Teu dipirig ku torompét jeung sajabana. Nu maén sakabéhna ngahaleuang. Basa anu dipaké mangrupa gambaran sumebarna harita ieu kasenian ka kabupatén Subang. Basa nu dipaké nyaéta basa Jawa.
            Harti lagu di luhur nyaéta ageman urang nu saenyana nyaéta Allah téh Gusti urang, Nabi Muhammad SAW nabi urang. Lian ti rumpaka anu maké basa Jawa jeung Arab, aya ogé nu maké basa Sunda, saperti lagu Buah Kawung di handap.
Buah kawung ruruntuyan
Ragragan kana wahangan
Rempug jukung sauyunan
Nganggo dasar kabangsaan

Buah kawung sisi gunung
Ragragna ka sisi émpang
Jalma nu daék tutulung
Ku sasama dipimelang

            Dina rumpaka buah kawung di luhur katitén wangun laguna dina sisindiran. Éta lagu di luhur biasana dihaleuangkeun ku juru kawih. Béda jeung lagu Éngko Koléar di luhur anu dihaleuangkeunana ku lalaki kabéh. Basa anu dipaké katitén maké basa Sunda.
      Pangaweruh anu katitén dina ieu seni anu utamana tangtu pangaweruh ngeunaan wawasan senina. Atuh lian ti éta, loba pisan pedaran atawa pépéling anu nyampak dina rumpaka gembyung pikeun dijadikeun ageman hirup. Ka ayeunakeun, loba barudak kuliahan hususna ti STSI (ayeuna ISBI) anu sok rajeun daratang ngumpul jeung nonoman nu aya di dinya pikeun dialajar kana seni gembyung. Lian ti éta ogé, dikembangkeun ngeunaan tarian-tarian anu sok dipaké dina seni Gembyung.
      Transformasi anu kalintang atrana dina ieu kasenian bisa ditingali ieu di handap.
1.                   Waditra anu dipaké
Dina pagelaran seni gembyung baheula, cukup ku waditra anu utama nyaéta terebang wungkul. Satuluyna éta pirigan waditra diwuwuhan ku nadoman. Kaaslian seni gembyung saenyana masih bisa ditingali dina pidangan gembyung ti Nagara Banceuy. Katingali dina midangkeunnana masih kénéh ku lalaki. Kitu deui dina ngahaleuangna masih kénéh réréongan nu narabeuh terebang.
            Dina pidangan gembyung Dangiang Dongdo geus maké tambahan waditra. Tujuanna taya lian pikeun ngeuyeuban pintonan. Anapon waditra anu nambahan di antarana:
a.       Kendang
b.      Goong
c.       Kecrék
d.      Kentrung/silung
e.       Tarompét
Gambar 1
Goong
Sumber: Dokumentasi Dangiang Dongdo

Gambar 2
Kentrung/ Silung
Sumber: Dokumentasi Dangiang Dongdo

Gambar 3
Terebang
Sumber: Dokumentasi Dangiang Dongdo


Gambar 4
Bedug
Sumber: Dokumentasi Dangiang Dongdo


Tujuanna aya tarompét nya éta salaku nu méré patokan lagu lantaran arasupna unsur seni ketuk tilu dina lalaguan gembyungna.

Gambar 5
Tarompét salaku waditra anu poko dina gembyung Dangiang Dongdo
Sumber: Dokumentasi Dangiang Dongdo

      Sanajan teu bisa dijadikeun acuan salaku pakasaban, tapi ieu kasenian bisa dijadikeun salaku alternatif pakasaban kalangenan. Ieu seni bisa dipintonkeun dina acara hajatan atawa sukuran.
      Sanajan ieu kasenian geus bisa ngadatangkeun rejeki, teu bisa dijadikeun patokan anu utama. Hal ieu di lantarankeun anu nanggapna teu tangtu, nungguan heula usum kawinan atawa sukuran séjénna.
2.      Asupna unsur sindén salaku pangeuyeub dina ieu kasenian
Ayana sindén dina ieu kasenian mangrupa salasahiji ciri ayana parobahan dina seni gembyung. Pangaruh seni anu katitén pisan nyaéta tina seni bajidoran, ketuk tiluan jeung sisingaan.
Sindén dina pidangan gembyung teu béda jauh jeung pidangan ketuk tilu jeung bajidoran. Dina lagu ketuktiluan, nu ngibing biasana dibarengan ku nyawér.

2.3 Seni Gembyung Dangiang Dongdo Kabupatén Subang Ditilik tina Transformasi Pintonanna
Kaayeunakeun, seni gembyung anu baheula miboga sifat sakral jeung sok dipaké dina upacara rada ngagésér, utamana dina fungsina nu kaayeunakeun leuwih katémbong fungsina salaku hiburan jeung pertunjukan.
Tangtu ayana seni gembyung baheula moal bisa disaruakeun jeung seni gembyung ayeuna, utamana dina pakakas atawa téknologi anu dipaké nalika midang. Waditra anu dipaké masih tetep maké nu tradisional saperti terebang, kendang, goong jeung sajabana. Tapi lian ti éta, pikeun mintonkeun ieu seni sok diwuwuhan ku sound system. Hartina, ieu kasenian sacara teu langsung geus mimiti kabawa kana jaman kaayeunakeun. Sacara umum, seni gembyung dipaké salaku sarana upacara, hiburan, jeung pintonan. Salaku upacara, seni gembyung kalintang disakralkeunnana. Dina hiburan jeung pintonjan, seni ngembyung mangrupa sarana pikeun nyalurkeun kalangenan jeung pangaresep. Katingali dina pintonannana sok sabari diibingan.
Dina raraga ngigelan jaman, seni gembyung Dangiang Dongdo geus ngalaman sababaraha transformasi. Hal éta bisa katitén tina sababaraha aspék di handap.
1.      lagu anu dihaleuangkeun
Lagu-lagu anu dihaleuangkeun ku sindén salian ti ketuk tilu diasupan ogé ku pop Sunda. tujuanna pikeun ngeuyeuban lagu. Tapi dina prungna pintonan, sindén masih tetep mertahankeun étika dina kasenian. Teu cara seni bajidoran anu miboga kesan kurang sopan.

2.      Dipidangkeun dina rupa-rupa acara
Salian ti ayana unsur ketuk tilu, ieu kasenian ogé kungsi dijadikeun seni pertunjukan di ISBI Bandung. Satuluyna anu paling ngirut nyaéta nalika ieu seni dipaké upacara mapag pangantén. Tangtu kalayan prakprakan mapag pangatén.
Anapon aransemen musik anu sok dipaké dina acara mapag pangantén nyaéta:
a.           Overcure anu biasana maké arang-arang sisingaan;
b.           Gobyog, dimana musik ditabeuh kalayan gancang;
c.           Macan ucul, mirig baksa;
d.          Ketuk tilu, biasana maké lagu sinur pikeun mapag léngsér, jeung bardin pikeun mayang.

3.      Robahna lagu kana wanda séjén
Dina salasahiji lagu anu sok dipidangkeun dina seni gembyung Dangiang Dongdo nyaéta Éngko Sumedang jeung Ayun Ambing. Ieu lagu geus ngalaman transformasi dijadikeun lagu pop Sunda. kitu deui lagu Siuh, Bangbung Hideung, Kembang Gadung, jeung Éntog Mulang geus mimiti tiheula ditransformasi kana wanda pop Sunda.



BAB III
PANUTUP

3.1 Kacindekan
            Seni gembyung mangrupa kabeungharan seni Sunda anu saenyana kudu dimumulé. Dina ieu seni ogé nyampak tujuh unsur budaya. Dina ieu seni ogé kagambar kumaha kahirupan masarakat anu ngagugulung ieu kasenian, boh tina kahirupan sapopoéna boh dina pidangan kasenianana.
            Transformasi anu nyampak dina ieu kasenian tangtu teu ngaleungitkeun ajén senina. Tangtu ku ayana transformasi ieu miboga tujuan sangkan ieu kasenian tetep dipikaresep ku balaréa hususna generasi ngora.

3.2 Saran
            Dina gumelarna ieu makalah, tangtu masih loba kakurangan, boh dina panulisan boh dina eusina. Ku kituna perlu ayana panalungtikan anu leuwih jero ngeunaan ieu kasenian. Lian ti éta, pikeun seni gembyung sorangan, perlu ayana perhatian anu leuwih pikeun ngahirup-huripkeun ieu kasenian.
           



DAFTAR PUSTAKA

Dongdo, Dangiang. 2007. Buku Panduan Nyukcruk Enas-enasna Seni Buhun Gembyung. Subang: Padepokan Seni dan Budaya Gembyung Dangiang Dongdo Subang.
Hendarsah, M. Khadar, dkk. 2008. Ragam Budaya Kabupaten Subang (Pendokumentasian Seni dan Budaya). Subang: Dinas Kebudayaan Pariwisata Pemuda dan Olahraga.
Kusma, dkk. 2007. Sejarah Kabupaten Subang. Subang: Dinas Kebudayaan Pariwisata Pemuda dan Olahraga.

www. Wikipedia.co.id

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

LAMUNAN

Vokal : Nunung Nurmalasari NGOLÉBATNA MUNG SAKEDAPAN NÉMBONGAN UKUR NGÉMUTAN MANGSA LAWAS NU KALAKONAN KIWARI KAGAMBAR DEUI DINA LAMUNA...