Rabu, 15 November 2017

Arsitéktur Imah Tradisional Sunda

Arsitéktur Imah Tradisional Sunda
Ku
Dimas Patria
Kuswan Nurhidayat
Adhika Nurkholis Aziz

A.     Kasang Tukang
Ku ayana arus globalisasi, tangtu loba hal anu mangaruhan dina kahiripan masarakat. Kiwari bisa katitén dina kahirupan sapopoé, gaya hirup masarakat geus robah. Ti mimiti kadaharan, papakéan, nepikeun ka wangunan imah.
Di jaman kiwari, manusa kadang teu maliré yén budayana téh miboga ajén nu luhung. Hal ieu diwewegan ku Sumardjo (2009: 10) yén manusa Indonesia kiwari geus teu hayang apal kana pola pikir anu geus dikembangkeun ku karuhun maranéhna. Sakabéna hayang cara mikir jeung cara hirup anu béda jeung karuhun baheula. Nilik kana hal éta, tangtuna bakal jadi hal anu ngarusak kana budaya sorangan.
Ngeunaan arsitéktur Sunda, aya hiji hal anu ngirut jeung matak hadé pikeun ditalungtik. Éta hal nyoko kana naha imah urang sunda teu permanén, naha dijieunna tina awi, jeung sajabana. Numutkeun Salura (2007:3) dina kajian arsitéktur lokal, pamahaman anu teleb ngeunaan budaya masarakat sabudeureun mangrupa hal anu penting. Lantaran arsitéktur teu leupas tina kontéks budaya tempat éta arsitéktur aya. Dimasa rkana pamadegan éa, upama urang rék nalungtik arsitéktur, tangtu bakal kapaluruh boh pola hirup boh interaksi sosial nu aya di éta masarakat.  Tina hal éta, aya paniatan ti panulis pikeun nalungtik arsitéktur Imah tradisional Sunda. Ku kituna, panalungtik museurkeun panalunngtikan ieu makalah kalayan judul “Arsitéktur Imah Tradisional Sunda.

B.      Wangun Imah Tradisional Sunda
            Imah tradisional Sunda biasana wangun panggung. Luhurna antara 0,5 meter-1,8 meter. Di handapna biasana aya kolongan. Kolong ieu miboga fungsi pikeun nyangcang ingon-ingon atawa neundeun pakakas tatanén.Pikeun naék ka imah, disadiaan golodog. Golodog oé miboga fungsi pikeun mersihan suku saméméh naék ka jero imah nu dijieunna tina kai atawa awi.
            Sedengkeun hateup imah aya tilu rupa, di antarana:
a)      rarangki tukang/hateup tukang  nu wangunna panjang;
b)      rarangki pondok/hateup tengah  nu wangunna leuwih pondok; jeung
c)      rarangki panjang/hateup hareup nu wangunna pangpanjangna.
Anapon wawangunanna bias ditingali dina gambar ieu di handap:
https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEiJot9r-6fYy6iDGrO6uJR-r2azWYDwmGeyDquNnoe5icc1S32ZnKYX0LRI5T8DN9ppqtJahEu9-25DQrqaXUY9D8e-OfsHtWd1fGZlfFX58gWdw36-u4a-fqEFRDoT7vYZ6JwDSgN_/s320/sunda13.jpg
 





Gambar 1
Dénah Imah Tradisional Sunda

Wangun suhunan imah tradisional Sunda anu geus ilahar aya genep rupa. Tangtuna wangun suhunan di Sunda miboga ciri anu mandiri upama dibandingkeun jeung sékésélér séjén nu aya di Indonesia. Rupa-rupa wangun suhunan imah tradisional Sunda, di antarana dipedar ieu di handap.


1. Jolopong
Wangun hateupna sarua panjangna jeung sajajar jeung dua sisi handap widang hateup anu sabeulah-nyabeulah. Ieu imah miboga bagéan:
- ruang hareup (émpér / tepas)
- ruang tengah (tengah imah / patengahan)
– ruang gigir (pangkéng)
– ruangan tukang (pawon jeung padaringan).
2. Badak Heuay
Wangunna siga saung, teu maké wuwung sambungan hateup hareup jeung tukang. Siga badak keur heuay.
3. Tagog Anjing
Wangunna saperti badak heuay, tapi di bagéan hareupna leuwih panjang jeung mudun siga ditekuk (anjing dongko).
4.Capit Gatung
Dina bagéan hateup tungtung tukang jeung hareup luhur maké kai atawa awi nu wangunna nyakra saperti tanda X.
5. Parahu Kumureb
Hateup wangun parahu kumureb, wanguna siga parahu anu dibalikkeun atawa parahu kumureb.
6. Julang Ngapak
Wangun hateup julang ngapak, dina sisi kénca jeung katuhu rada lega ka gigir. Siga manuk nu keur hiber.
Pikeun bahan wangunan imah tradisional Sunda ieu make paseuk tina awi (nguatkeun tihang), tali tina injuk atawa tepes kalapa, jeung hateupna maké injuk, daun kalapa atawa daun rumbia. Alasna biasana dijieun tina papan kai atawa palupuh. Anapon conto gambar suhunan imah tradisional Sunda bias ditingali ieu di handap.
https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEipoeeHrvnCxSnhdFBzfw9rLpClqMDs1pIo0sYaaYmOZftrAjW7mtyfwAAj6j6Gn0Ay76yM4VwsoxRRpu9LPVAvcbnAP_A-BIIG40AkADb_RgOTTbUQPykkAkrzFjsgv7h9qKxpi_6T/s1600/jenis+dan+bentuk+rumah+tradisional+sunda.jpg
 





         
Gambar 2
Rupa-rupa wangun suhunan imah Sunda

C.      Ciri-ciri Arsitéktur Imah Tradisional Sunda
Ciri-ciri arsitéktur imah tradisional sunda di antarana:
1) ari wangun (bentuk) imah, biasana pasagi panjang;
2) alasna make palupuh awi;
3)  bilikna tina awi dianyam atawa ku sasag;
4)  Rangkay imah dijieunna tina kai; jeung
5)  Maké tatapakan tina batu.

D.     Babagian Imah Tradisional  Sunda
Imah Tradisional Sunda dibagi kana tilu bagéan anapon babagianna saperti ieu di handap:
a.       Bagéan hareup
Rohangan bagéan hareup disebut tepas, émpér, atawa sosoro. Ieu rohangan miboga fungsi pikeun narima tamu jeung pikeun leleson di luar. Pikeun urang Sunda nu boga tanah rada lega, biasana ngawangun kamar husus pikuen tamu nu sajajar jeung tepas imah.

b.      Bagéan tengah
Rohangan tengah disebut tengah imah. Dina ieu bagéan, aya pangkéng atawa kamar saré kalayan jumlahna disaluyukeun jeung jumlah anggota kulawarga. Lian ti éta, ukuran unggal kamar disaluyukeun jeung legana imah. Rohangan saré kolot, budak lalaki jeung awéwé dipisah. Aya ogé rohangan kulawarga pikeun ngariungna sakabéh kulawarga.

c.       Bagéan tukang

               
Bagéan tukang disebut tukang imah. Aya dapur  jeung  goah. Dapur miboga fungsi salaku rohangan pikeun popolah atawa masak. Goah nyaéta rohangan anu deukeut jeung dapur nu miboga fungsi pikeun neundeun dahareun, samara, parabot-parabot dapur jeung padaringan. Padaringan nyaéta gentong anu dijieunna tina taneuh liat anu fungsina pikeun neundeun béas. Ngan awéwé anu meunang asup ka dapur jeung goah.
Di satukangeun imah, biasana diwangun sumur salaku sumber cai. Biasana sadia ogé popoéan jeung pancuran cai.
Di saluareun imah ogé biasana diwangun leuit. Leuit nyaéta wangunan tempat neundeun hasil tatanén. Biasana dipaké pikeun neundeun paré.
Pikeun nutu paré, biasana sok aya saung lisung. Biasana ieu wangunan téh diwangun ku masarakat di sabudeureun éta lembur. Biasana masarakat nutu paré ramé-ramé. Kagiatan nutu paré ieu biasana dibarengan ku hariring jeung tutunggulan.

E.      Fungsi Arsitéktur Imah Tradisional Sunda
Pikeun urang Sunda, imah téh lain saukur patempatan cicing, atawa tempat istirahat wungkul, tapi ogé boga harti anu leuwih lega, nyakup sosial, ékonomis jeung jadi puseur atikan budaya kaasup atikan mora. Atuh salian ti éta, imah ogé dianggap wangunan suci (sakral).

             Di jero imah, biasana aya interaksi. Nya di dieu pisan tumuwuhna hubungan sosial (sosialisasi) anggota kulawarga. Di imah pisan tempat migawé hal-hal nu sipatna ekonomis (home industry). Di imah pisan hal-hal nu patali jeung atikan kabudayaan ku indung-bapa diajarkeunana ka anak-anakna.
                                                                                                 
           Kitu deui imah teh dianggap suci (sakral), disaruakeun jeung alam mikro (bumi sok disebut imah), nu dianggap miniaturna tina makro (dunya = anu oge disebut bumi). Jadi bumi (imah) teh dianggap sarua jeung bumi (dunya).

          Eta sababna upama hiji imah dipake hal-hal nu teu hade atawa dipake hal-hal anu kotor, bakal dianggap ngaruksak kasakralan imah, imahna jadi “sial”.Ceuk urang Sunda mah imah teh mangrupa tempat anu suci nu kudu dijaga kasucianana.

F.       Ajén Filososfis Imah Tradisional Sunda
Ajén Falsafah anu nyampak dina arsitéktur imah tradisional sunda sacara umum, ngaran suhunan imah tradisional Sunda  ditujukeun pikeun ngahormat ka alam sabudeureunnana. Ditingali tinga bahan anu dipaké pikeun ngawangun, imah tradisional Sunda kesanna ipis, teu tohaga. Tangtu jauh tina anggapan yén urang Sunda ngawangun imah téh pikeun dijadikeun bénténg. Dina ieu hal ngabuktikeun  yén urang Sunda ngajungjung karukunan. Imah urang Sunda dipaké nyalindung tina hujan, angin, sorot panon poé jeung sasatoan.
Ditilik tina ajén filosofisna, imah tradisional urang Sunda dibagi kana tilu, di antarana:
a)      Buana Nyungcung
Nu dimaksud buana nyungcung nyaéta suhunan imah anu wangunna nyungcung. Ieu nyimbolkeun yé urang Sunda nyembah ka Hyang Tunggal. Lina ti éta, Buana nyungcung ogé dina gugunungan diibaratkeun tempat cicingna para Hyang, hartina teu sagawayah bias cicing di buana nyungcung.

b)      Buana Panca Tengah
Buana Panca Tengah dina babagéan imah urang Sunda mangrupa bagéan tengah imah, di mana nu boga imah cicing. Ieu diibaratkeun dunya anu dicicingan ku manusa anu keur ngalalakon di alam dunya.

c)      Buana Peteng
Anu dimaksud buana peteng dina babagéan imah nyaéta kolong imah anu biasana dipaké neundeun pakarang tatanén atawadijadikeun kandang sasatoan. Buana peteng diibaratkeun salaku tempat kotor, tempat hirupna siluman jeung sajabana.
                      Sakumaha disebutkeun di luhur, yén lalaki teu meunang asup ka dapur jeung goah, alsesana nyaéta kulantaran lalaki kudu jadi panyalindung awéwé. Kitu deui awéwé, kudu bisa ngayoman jeung ngawulaan lalaki.

G.     Sawatara Tempat anu Masih Kénéh Aya Imah Tradisional Sunda
Upama dipapay leuwih jauh conto arsitektur nu asli Sunda tur dina wangunan nu masih kénéh basajan. Anapon lokasina di antarana:
- Baduy (Banten Kidul)
- Kampung Naga (Tasikmalaya)
- Kampung Pulo (Garut)
- Kampung Genereh (Sumedang)
- Kampung Palasah (Majalengka)
- Kampung Gabus (Cirebon)
Di Baduy, Kampung Naga jeung Kampung Pulo, beunang disebutkeun wangunan imah-imahna masih kénéh asli. Tapi di Kampung Genereh, Palasah jeung Gabus mah, ngan kari hiji-dua baé, kitu oge kaayanana geus loba anu ruksakna.
Di handap ieu aya sababsaraha gambar imah tradisional Sunda ti sababaraha wewengkon. Anapon éta wewengkon téh di antarana:

1.      Kampung Naga, Tasikmalaya
2.      Baduy Banten
 

















3.      Majalengka

4. Ciasem, Subang

 


4.      Ciamis
 














5.      Cilimus, Kuningan

 











Daftar Referensi

Salura, Purnama. 2007.Menelusuri Arsitektur Masyarakat Sunda.-: PT Cipta Sastra Salura.
Sumardjo, Jakob. 2009. Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda: Tafsir-tafsir Pantun Sunda. Bandung: Kelir.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

LAMUNAN

Vokal : Nunung Nurmalasari NGOLÉBATNA MUNG SAKEDAPAN NÉMBONGAN UKUR NGÉMUTAN MANGSA LAWAS NU KALAKONAN KIWARI KAGAMBAR DEUI DINA LAMUNA...