Rabu, 15 November 2017

ANALISIS RUMPAKA “AMANAH – MUSTIKA KATULISTIWA” (Tilikan Struktur jeung Étnopédagogik)

ANALISIS RUMPAKA “AMANAH – MUSTIKA KATULISTIWA”
(Tilikan Struktur jeung Étnopédagogik)




BAB I
BUBUKA

1.1  Kasang Tukang

Budaya mangrupa hasil tina kabiasaan masarakat anu lumangsung lila di hiji tempat. Kabudayaan mangrupa hasil tina lumangsungna budaya. Dua hal di luhur tangtuna miboga gantar kakaitan anu teu bisa dileupaskeun.
Dina kamekaranana, budaya teu leupas tina unsur jeung wujudna. Anapon nurutkeun C. Kluckhohn, aya tujuh unsur kabudayaan secara universal (universal categories of culture) nyaéta basa, sistem pangaweruh, sistem téknologi jeung  pakakas kahirupan, sistem kasenian, sistem pakasaban, sistem réligi, sistem kekerabatan jeung organisasi kamasarakatan.
Nurutkeun J.J. Hoenigman, wujud kabudayaan dibedakeun jadi tilu, nyaéta gagasan, aktifitas, dan artéfak. Tina hal éta, kabudayaan miboga hal-hal anu bisa ditelaah sacara gemet. Utamana waé tina pamikiran masarakatna, aktifitas jeung titinggal hasil kabudayaan nu aya di sabudeureun masarakatna.
Tembang Sunda Cianjuran mangrupa hiji wujud kabudayaan dina seni. Luyu jeung kamekaranana, tembang Sunda kiwari nambahan wanda anyar nyaéta wanda rambatan. Ieu wanda leuwih babari diturutan batan wanda-wanda séjénna kayaning papantunan, jejemplangan, rarancagan, dedegungan, jeung kakawén.
Dina Cianjuran wanda rambatan anu mangrupa pamekaran tina Tembang Sunda Cianjuran (nu tangtu teu ngaleungitkeun ornamén nu aya dina Cianjuran), bawirasa bisa muka lawang pikeun barudak sangkan diajar tembang, sabab  wanda rambatan mangrupa inovasi anyar dina dunya tembang Cianjuran. Rumpaka Cianjuran wanda rambatan sanggian Ubun Kubarsah, tangtu waé ngandung kaéndahan nu diwuwuh ku eusina nu euyeub ku ajén-ajén luhung sarta amanat anu nyamuni kayaning asih, moral, agama jeung réa-réa deui. Ajén luhung ieu nu dibutuhkeun di jaman kiwari pikeun ngawangun karakter budak. Di sagédéngeun éta, nilik kana tokoh nu nyiptakeunana, Ubun Kubarsah mangrupa tokoh nu milu mekarkeun tembang. Anjeunna ogé mangrupa tokoh nu ngaalpukahan gumelarna wanda rambatan.
Ku ayana kasang tukang di luhur, panulis ngarasa kataji pikeun ngayakeun panalungtikan. Anapon panalungtikan anu dilakukeun ngan saukur museur kana dua rumpaka, nyaéta rumpaka “Amanah” salaku sekar merdikana jeung “Mustika Katulistiwa” salaku panambihna. Ku ayana hal éta, ieu panalungtikan dijudulan Analisis Rumpaka “Amanah – Mustika Katulistiwa”(Tilikan Struktur jeung Étnopédagogik).


1.2  Rumusan Masalah
Rumusan masalah dina ieu panalungtikan nya éta:
1)      Kumaha sausap saulas ngeunaan Cianjuran wanda Rambatan téh?
2)      Kumaha rumpaka “Amanah-Mustika Katulistiwa” ditilik tina strukturna?
3)      Kumaha rumpaka “Amanah-Mustika Katulistiwa” ditilik tina ajén étnopédagogikna?

1.3  Tujuan Panalungtikan
Tujuan diayakeunna ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadadarkeun:
1)      sausap saulas ngeunaan Cianjuran wanda Rambatan;
2)      seni rumpaka “Amanah-Mustika Katulistiwa” ditilik tina strukturna;
3)      rumpaka “Amanah-Mustika Katulistiwa” ditilik tina ajén étnopédagogikna.
BAB II
PEDARAN

2.1. Sausap Saulas Ngeunaan Rumpaka Cianjuran Wanda Rambatan
Dina kamekaran Tembang Sunda Cianjuran,  nepi ka kiwari kapaluruh aya genep wanda anu masih kénéh dipaké hususna dina kagiatan pasanggiri. Anapon genep wanda anu dimaksud di antarana papantunan, jejemplangan, dedegungan, rarancagan, kakawén jeung panambih.dina genep wanda éta tangtu miboga ciri séwang-séwangan anu mandiri.
Luyu jeung kamekaran jaman anu teu leupas tina kamotékaran seniman Tembang Sunda, kiwari muncul hiji wanda anyar anu disebut Rambatan atawa sekar anyar. Sok sanajan dina kamekarana loba dipadungdengkeun di kalangan seniman, tapi ieu wanda miboga tempat di haté para panembang hususna generasi ngora. Lian ti éta, teu bisa dipungkir yén wanda rambatan miboga kaéndahan nu luhung. Satuluyna dina dongkarina ogé teu ngaleungitkeun ornaméntasi dina Cianjuran. Malah dina rambatan mah dongkari nu dipaké luyu jeung paménta kecapna sangkan ébréh maksudna.
Wanda rambatan miboga ciri has sorangan upama dibandingkeun jeung wanda séjénna nu genep. Sacara saliwat, wanda rambatan bisa katangén bédana. Ciri wanda rambatan nyaéta:
1)        Miboga sekar merdika jeung tandak nu teu bisa dipisahkeun. Upama dina Cianjuran, panambihna bisa milih, sedengkeun dina Rambatan mah henteu.
2)        Wangun rumpaka teu matok ku pupuh. Upama wanda séjén matok kana patokan dangding atawa sisindiran, ari wanda rambatan mah wangunna sajak modern.
3)        Dongkari dina wanda rambatan éstuning teu rimbil cara wanda séjénna.

2.2. Analisis Struktur Rumpaka “Amanah – Mustika Katulistiwa”
Rumpaka “Amanah-Mustika Katulistiwa” mangrupa wangun sajak bébas. Ku kituna, dina nganalisis strukturna dipaké analisis struktur puisi. Numutkeun Koswara, nilik kana unsur-unsurna, sajak téh diwangun ku unsur (1) imaji, (2)simbul atawa lambang, (3) musikalitas atawa wirahma.Ieu tilu unsur téh sok disebut ISIM. Aya deui unsur séjénna anu mangrupa sambarana, nyaéta suasana, téma jeung gaya.  Tilu unsur nu ieu ogé sok disingget STG.
Analisis strukutur rumpaka “Amanah-Mustika Katulistiwa” bisa ditingali ieu di handap.

2.2.1. Analisis Struktur Rumpaka “Amanah”

AMANAH
Lagu : Ubun Kubarsah
Rumpaka : Zahir Zachri

Abdi nyaksi, Gusti  nyaksi
Dina ayat-ayat salira, saéstuna
Alam dunya jeung eusina
Éta sadaya tanda kawasa
Welas asih ti Salira, amanah
Amanah keur kamulyaan
Ampun Gusti, ampun
Mungguh manusa babari cidra sulaya
Ingkar tina temah wadi
Qur’an hadist teu jadi tali paranti

Rumpaka “Amanah” diwangun ku sapada, kalayan jumlah padalisanna aya sapuluh. Ieu rumpaka baris dianalisis strukturna ngaliwatan unsur-unsurna. Anapon analisisna bisa ditingali ieu di handap.

1)        Imaji
Imaji nu nyampak dina ieu rumpaka nyaéta imaji paningal jeung imaji rasa. Éta hal bisa katitén ieu di handap.

Abdi nyaksi, Gusti  nyaksi
Éta sadaya tanda kawasa
Welas asih ti Salira, amanah

Kecap nyaksi jeung tanda kawasa manrupa kecap pagawéan nu karandapan ku indra paningal, nyaéta mata. Sedengkeun kecap welas asih ngabalukarkeun imaji rasa. Ku kituna, imaji nu nyampak dina ieu rumpaka nyaéa imaji paningal jeung rasa.

2)        Simbol atawa Lambang
Simbol nu nyampak dina ieu rumpaka di antarana:
Abdi nyaksi, Gusti  nyaksi

Kecap Gusti mangrupa simbol tina nu nyiptakeun ieu alam, nyaéta Allah SWT.

3)        Musikalitas atawa Wirahma
Sacara ma’na, musikalitas ieu rumpaka geus nembrak. Sedengkeun sacara lahir, katitén aya sababaraha hal anu katingali di antarana ayana paralélisme. Éta hal bisa katitén ieu di handap.
Abdi nyaksi, Gusti  nyaksi
Welas asih ti Salira, amanah
Amanah keur kamulyaan
Ampun Gusti, ampun

Ayana paralélisme di luhur ngabalukarkeun hal nu diébréhken téh beuki yakin waé. Komo dina kecap nyaksi jeung ampun mah, katitén pisan ayana kayakinan éta. Satuluyna dina asonansi i, a jeung u. Asonansi i ngabalukarkeun rasa yakin nu cukup dikedalkeun dina ati, saperti nyaksi, tali paranti, jeung temah wadi. Sedengkeun asonansi a ngabalukarkeun rasa nu nembrak jeung ampir sakabéh jalma apal. Sedengkeun asonansi u ngabalukarkeun rasa kaduhung nu satuluyna aya rasa neda panghampura.

4)        Suasana
Suasana nu nyampak dina ieu rumpaka nyaéta suasana agung jeung waas. Éta hal bisa katitén dina padalisan di handap.
 Alam dunya jeung eusina
Éta sadaya tanda kawasa

Dina padalisan di luhur bisa kabayang agungna alam ciciptan pangéran. Ku ayana rasa agung éta manusa jadi ngarasa leutik di hareupeun Allah SWT. Ti dinya suasana jadi robah ku suasana sedih alatan manusa inget kana kasalahanana. Ieu hal katitén dina rumpaka di handap.
Ampun Gusti, ampun
Mungguh manusa babari cidra sulaya
Ingkar tina temah wadi
Qur’an hadist teu jadi tali paranti



5)        Téma
Téma nu nyampak dina ieu rumpaka nyaéta ngeunaan kaagungan Pangéran. Lian ti éta diterangkeun ogé yén manusa sakapeung mah sok kufur kana ni’mat nu dibikeun ku pangéran.

6)        Gaya Basa
Gaya basa nu nyampak dina ieu rumpaka di antarana:
a)        Kahanan (épitét)
Abdi nyaksi, Gusti  nyaksi
Ampun Gusti, ampun
            Kecap Gusti mangrupa lalandian nu ditujujkeun ka Allah SWT. Ieu hal diwewegan ku ayana Qur’an jeung Hadits nu jadi cecekelan urang Islam.
b)        Kadalon (pléonasmeu)
 Welas asih ti Salira, amanah
Kecap welas jeung asih miboga harti nu saenyana sarua. Ku kituna, upama salasahijina dileungitkeun moal ngarobah ma’na tina pada di luhur.

2.2.2. Analisis Struktur Rumpaka “Mustika Katulistiwa”
MUSTIKA KATULISTIWA
Lagu: Ubun Kubarsah
Rumpaka: Zahir Zachri

Sempalan sorga murag ka dunya
Mustika éndah di katulistiwa
Pusaka Sunda dangiangna para hyang
Gumiwang saalam dunya
Kajembaran nusantara
           
Gusti, muga mulyakeun
Sakumna anak nagri, nyaah ka lemah cai
Alam éndah titipan Gusti
Ka bali geusan ngajadi, seja babakti

Sempalan sorga murag ka dunya
Mustika éndah di katulistiwa
Pusaka nagri titisan para pohaci
Sarakan tempat gumati
Ka bumi ibu pertiwi

Gusti, mugi kiatkeun
Sakumna putra bangsa ulah ngagunasika
Sorga dunya titipan Gusti
Rahayat sangkan walagri, nagara mukti

Rumpaka “Mustika Katulistiwa” diwangun ku opat pada. Pada kahiji diwangun ku lima padalisan, pada kadua opat padalisan, pada katilu lima padalisan jeung pada kaopat opat padalisan. Anapon analisis struktur jeung sémiotik ieu rumpaka bisa katitén ieu di handap.

1)        Imaji
Imaji nu nyampak dina ieu rumpaka nyaéta imaji paningal jeung rasa. Éta hal bisa katitén ieu di handap.
Mustika éndah di katulistiwa
Sakumna anak nagri, nyaah ka lemah cai
Alam éndah titipan Gusti

Kecap éndah mangrupa kecap sipat nu ilaharna nyanding jeung indra paningal. Éndah bisana ngagambarkeun kaayaan nu waas, alus, tur matak ngabalukarkeun rasa sugema ka nu ningalina. Satuluyna kecap nyaah ngabalukarkeun imaji rasa. Ku kituna, imaji nu nyampak dina ieu rumpaka nyaéta imaji paningal jeung rasa.

2)        Simbol atawa Lambang
Simbol nu nyampak dina ieu rumpaka di antarana:
Sempalan sorga murag ka dunya
Mustika éndah di katulistiwa
Pusaka Sunda dangiangna para hyang

Sempalan sorga murag ka dunya
Mustika éndah di katulistiwa
Pusaka nagri titisan para pohaci

Sempalan sorga, mustika éndah jeung pusaka nagri mangrupa simbol tina alam nu kacida subur ma’mur. Éta alam éndah téh leuwih dihususkeun deui nyaéta tatar Sunda nu miboga alam nu kacida éndah jeung subur.

3)        Musikalitas atawa Wirahma
Sacara ma’na musikalitas ieu rumpaka kacida éndahna. Ungkara sempalan sorga  mangrupa gambaran ti dunya nu éndah. Sedengkeun sacara lahir, katitén ayana paralélisme antara pada kahiji jeung katilu, pada kadua jeung kaopat. Ieu hal téh pikeun nguatkeun argumén yén dina pada kahiji, alam nu dimaksud téh bener éndahna. Satuluyna dina  pada kadua dikuatkeun ku pada kaopat nu eusina pidu’a sangkan generasi ngora hususna daék miara alam.
Asonansi vokal i dina ieu rumpaka ngadominasi. Ayana dominasi ieu ngabalukarkeun ieu lagu téh mangrupa ébréhan haté nu saenyana hésé dibébérkeun. Sedengkeun vokal a jeung eu mangrupa panglengkep dina ieu rumpaka. Tujuanana pikeun nambahan kawaas. Vokal a pikeun nembrakkeun nu nyampak, sedengkeun vokal eu mah salaku nu ngalengkepanana.

4)        Suasana
Suasana nu nyampak dina ieu rumpaka nyaéta suasana agung jeung waas. Éta hal bisa katitén tina dua pada di handap.
Sempalan sorga murag ka dunya
Mustika éndah di katulistiwa
Pusaka Sunda dangiangna para hyang
Gumiwang saalam dunya
Kajembaran nusantara
           
Sempalan sorga murag ka dunya
Mustika éndah di katulistiwa
Pusaka nagri titisan para pohaci
Sarakan tempat gumati
Ka bumi ibu pertiwi


Dina padalisan di luhur, bisa katitén kumaha éndahna tatar sunda nu diibaratkeun sempalan sorga. Suasana nu nyampak nyaéta suasana gumbira, senang jeung pikabetaheun. Tina suasana éta ngabalukarkeun rasa sukur ka pangéran.

5)        Téma
Téma nu nyampak dina ieu rumpaka nyaéta ngeunaan kaéndahan alam. Tina ningali kaéndahan éta, bijil rasa sukur hayang ngamumulé alam.

6)        Gaya Basa
Gaya basa nu nyampak dina ieu rumpaka di antarana:
a)        lalandian (métapora)
Sempalan sorga murag ka dunya
Mustika éndah di katulistiwa
           
Sorga dunya titipan Gusti

Kecap nu digurat handapan di luhur mangrupa panglandi pikeun patempatan nu pohara éndahna, nepikeun disapertikeun ku istilah-istilah di luhur.
b)        raguman (sinékdoke)
Sakumna putra bangsa ulah ngagunasika
Sakumna anak nagri, nyaah ka lemah cai
Ungkara putra bangsa jeung anak nagri mangrupa sesebutan pikeun ngawakilan individu nu jadi panerus bangsa. Dina hal ieu tangtuna para pamuda jeung budak leutik nu nyicingan wilayah Indonesia hususna.

c)        kahanan (épitét)
Gusti, muga mulyakeun
Alam éndah titipan Gusti
Ka bumi ibu pertiwi

Gusti, mugi kiatkeun
Sorga dunya titipan Gusti

Kecap Gusti mangrupa lalandian nu ditujujkeun ka Allah SWT. Ieu hal diwewegan ku ayana Qur’an jeung Hadits nu jadi cecekelan urang Islam. Sedengkeun ibu pertiwi mangrupa panglandi pikeun nyebut nagri nu keur dicicingan, dina ieu hal nyaéta Indonesia.

2.3. Ajén Étnopédagogik Rumpaka “Amanah – Mustika Katulistiwa”
Ayana étnopédagogik tangtuy teu leupas tina pangajaran. Kiwari aya sababaraha karakter ti Mendiknas anu kudu aya dina pangajaran. Anapon 18 karakter ti Mendiknas di antarana, religius, Jujur, Toléransi, Disiplin, Kerja Keras, Kreatif, Mandiri, Démokratis, Rasa ingin tahu, Semangat Kebangsaan, Cinta tanah air, Menghargai prestasi, Bersahabat/Komunikatif, Cinta damai, Gemar Membaca, Peduli lingkungan,  Peduli sosial, Tanggung jawab.
Ieu di handap mangrupa karakter anu nyampak dina rumpaka “Amanah-Mustika Katulistiwa”.


2.3.1. Ajén Étnopédagogik Rumpaka “Amanah”
a) Religius
            Ajén religius ieu rumpaka nyampak di sakabéh rumpaka. Titénan rumpaka Amanah di handap:

Abdi nyaksi, Gusti  nyaksi
Dina ayat-ayat salira, saéstuna
Alam dunya jeung eusina
Éta sadaya tanda kawasa
Welas asih ti Salira, amanah
Amanah keur kamulyaan
Ampun Gusti, ampun
Mungguh manusa babari cidra sulaya
Ingkar tina temah wadi
Qur’an hadist teu jadi tali paranti

Dina rupaka di luhur katitén kumaha sumerahna pangarang ka Gustina. Lian ti éta ogé pangarang apal pisan yé hirup di dunya téh amanah ti pangéran. Dina prakna, loba pisan manusa nu kabongbroy ku dunya, ingkar kana papagon ti pangéran nu antukna loba karuksakan di alam dunya alatan polah manusa.
Upama ieu dijadikeun bahan pangajaran, tangtu hadé pisan. Siswa bakal leuwih teleb neuleuman eusi rumpaka kalayan ngalenyepan kecap-kecap jeung maksud nu hayang ditepikeun ku pangarang.
b)        Jujur
Karakter jujur bisa dititénan dina sempalan rumpaka ieu di handap.
Abdi nyaksi, Gusti  nyaksi
Dina ayat-ayat salira, saéstuna
Alam dunya jeung eusina
Éta sadaya tanda kawasa
Welas asih ti Salira, amanah
Amanah keur kamulyaan

Éta sempalan rumpaka di luhur ngébréhkeun yén saenyana ieu alam dunya téh aya nu nyiptakeun. Lian ti éta, eusi alam dunya téh mangrupa titipan Pangéran. Ieu tangtuna bebeneran anu kudu nerap ka siswa. Upama geus teu percaya kana maksud rumpaka di luhur, tangtuna geus ingkar kana kakawasaan Gusti Allah.
c)        Cinta tanah air
Karakter cinta tanah air bisa dititénan dina sempalan rumpaka di handap.
Alam dunya jeung eusina
Éta sadaya tanda kawasa
Welas asih ti Salira, amanah
Amanah keur kamulyaan

            Dina sempalan rumpaka di luhur sok sanajan teu nembrak, bisa katitén yén saenyana alam téh titipan Gusti. Ku kituna, salaku manusa urang kudu ngajaga alam sabudeureun sangkan tetep asri.
e)  Cinta damai
sikep cinta damai  bisa ditingali dina sempalan rumpaka di handap.

Ampun Gusti, ampun
Mungguh manusa babari cidra sulaya

Dina sempalan rumpaka di luhur, katitén yén haté manusa téh babari sulaya. Ku kituna pangarang méntaampun tina sakabéh kasalahanana. Kecap ampun mangrupa simbol yén saenyana pangarang hayang ieu alam dunya tingtrim, teu loba pacéngkadan.
f) Peduli lingkungan
Sikep peduli lingkungan bisa ditingali ieu di handap.

Alam dunya jeung eusina
Éta sadaya tanda kawasa

            Dina sempalan rumpaka di luhur bisa katitén kasadaran pangarang kana ciptaan pangéran. Ku kituna éta alam ciptaan pangéran téh kudu di jaga.
2.3.1. Ajén Étnopédagogik Rumpaka “Mustika Katulistiwa”
MUSTIKA KATULISTIWA
Lagu: Ubun Kubarsah
Rumpaka: Zahir Zachri

Sempalan sorga murag ka dunya
Mustika éndah di katulistiwa
Pusaka Sunda dangiangna para hyang
Gumiwang saalam dunya
Kajembaran nusantara
           
Gusti, muga mulyakeun
Sakumna anak nagri, nyaah ka lemah cai
Alam éndah titipan Gusti
Ka bali geusan ngajadi, seja babakti

Sempalan sorga murag ka dunya
Mustika éndah di katulistiwa
Pusaka nagri titisan para pohaci
Sarakan tempat gumati
Ka bumi ibu pertiwi

Gusti, mugi kiatkeun
Sakumna putra bangsa ulah ngagunasika
Sorga dunya titipan Gusti
Rahayat sangkan walagri, nagara mukti

a)        Religius
Ajén réligius nyampak dina sempalan rumpaka di handap.
Gusti, muga mulyakeun
Sakumna anak nagri, nyaah ka lemah cai
Alam éndah titipan Gusti
Ka bali geusan ngajadi, seja babakti

Gusti, mugi kiatkeun
Sakumna putra bangsa ulah ngagunasika
Sorga dunya titipan Gusti
Rahayat sangkan walagri, nagara mukti

            Dinas empalan rumpaka di luhur katitén yén pangarang salawasna ngadu’akeun sangkan alam téh tetep éndah, jauh tina mamala. Lian ti éta ogé katitén pangarang miharep sangkan generasi ngora bisa ngajaga alam.
b)        Semangat Kebangsaan
Karakter semangat kebangsaan bisa katitén ieu di handap.
Gusti, muga mulyakeun
Sakumna anak nagri, nyaah ka lemah cai

Gusti, mugi kiatkeun
Sakumna putra bangsa ulah ngagunasika

            Dina sempalan rumpaka di luhur, pangarang haying ngébréhkeun yén generasi ngora kudu nyaah ka lemah caina. Sanajan teu kauni, kasampak yén sanggeusna nyaah ka lemah cai bakal bijil sumanget kabangsaan.

c)                  Cinta tanah air
Saenyana karakter cinta tanah air nyampak di unggal rumpaka. Tapi aya hiji padalisan anu nembrak ngunikeun ngeunaan ieu karakter.
Sakumna anak nagri, nyaah ka lemah cai

Dina sempalan rumpaka di luhur nembrak pisan karakter nyaah ka lemah cai. Dina rumpaka di luhur, pangarang haying nembrakkeun hususna ka generasi ngora sangkan salawasna nyaah ka lemah cai.

d)        Cinta damai
Karakter cinta damai  bisa katitén dina sempalan rumpaka di handap.
Rahayat sangkan walagri, nagara mukti

Kecap nagara jeung mukti  mangrupa gambaran karakter cinta damai. Hartina, pangarang hayang ngébréhkeun yén saenyana dina nagara mukti kagambar kahirupan anu sauyunan, jeung silih tulungan.

e)        Peduli lingkungan
Karakter peduli lingkungan nyampak dina sempalan rumpaka di handap.
Sakumna putra bangsa ulah ngagunasika

Dina kecap ngagunasika kagambar karakter peduli lingkungan. Hartina, dina kecap éta kagambar nyaahna pangarang ka alam sabudeureun. Pangarang mere peupeujeuh ka generasi ngora sangkan teu ngaruksak alam titipan Pangéran.

BAB III
PANUTUP

3.1 Kacindekan
            Dina rumpaka “Amanah – Mustika Katulistiwa” loba bisan karakter religius. Hal éta bisa katitén dina sakabéh rumpaka anu intina mangrupa rasa sukur ka Pangéran anu nyiptakeun alam nu éndah. Sok sanajan kitu, katitén ogé kamelang pangarang ka alam sabudeureun anu loba digunasika.
            Lian ti karakter religius anu nyampak, katitén ogé karakter anu sarua miboga peran anu dominan nyaéta cinta tanah air.  Hal ieu dilantarankeun téma anu diangkat ku pangarang nyaéta ngeunaan kaéndahan alam anu kudu di mumulé.

3.2 Saran
            Dina gumelarna ieu makalah, tangtu masih loba kakurangan, boh dina panulisan boh dina eusina. Ku kituna perlu ayana panalungtikan anu leuwih jero ngeunaan ieu rumpaka. Lian ti éta, pikeun wanda Rambatan sorangan, perlu ayana perhatian anu leuwih pikeun ngahirup-huripkeun ieu wanda Cianjuran.



DAFTAR PUSTAKA
Koswara, Dedi. (2007). Racikan Sastra Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Sudaryat, Yayat. (2003). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
_____________. (2014).Wawasan Kasundaan. Bandung: JPBD FPBS UPI.

www. Wikipedia.co.id

1 komentar:

  1. Hatur nuhun kang, katampi pisan, abdi mung terang lirikna kirang uninga judulna, ningal aya nu nembang.

    BalasHapus

LAMUNAN

Vokal : Nunung Nurmalasari NGOLÉBATNA MUNG SAKEDAPAN NÉMBONGAN UKUR NGÉMUTAN MANGSA LAWAS NU KALAKONAN KIWARI KAGAMBAR DEUI DINA LAMUNA...