TRANSFORMASI SENI GEMBYUNG DANGIANG DONGDO
KABUPATÉN SUBANG
BAB I
BUBUKA
1.1
Kasang Tukang
Budaya mangrupa hasil tina kabiasaan masarakat anu lumangsung lila di hiji
tempat. Kabudayaan mangrupa hasil tina lumangsungna budaya. Dua hal di luhur
tangtuna miboga gantar kakaitan anu teu bisa dileupaskeun.
Dina kamekaranana, budaya teu leupas tina unsur jeung
wujudna. Anapon nurutkeun C.
Kluckhohn, aya tujuh unsur kabudayaan secara universal (universal categories of
culture) nyaéta basa, sistem pangaweruh,
sistem téknologi jeung pakakas
kahirupan, sistem kasenian, sistem pakasaban, sistem réligi, sistem kekerabatan
jeung organisasi kamasarakatan.
Nurutkeun J.J. Hoenigman, wujud kabudayaan dibedakeun jadi tilu, nyaéta gagasan, aktifitas, dan artéfak.
Tina hal éta, kabudayaan miboga hal-hal anu bisa ditelaah sacara gemet. Utamana
waé tina pamikiran masarakatna, aktifitas jeung titinggal hasil kabudayaan nu
aya di sabudeureun masarakatna.
Kabupatén Subang salaku wewengkon anu pernahna di daérah kalér provinsi
Jawa Barat, miboga kasenian anu kalintang euyeub. Lian ti éta, loba bentuk seni
anu nyaluyukeun jeung kaayaan wewengkonna. Kesenian anu kiwari geus mimiti
dipikawanoh ku masarakat Kabupatén Subang di antarana Sisingaan, Dogér Kontrak,
Toléat, jeung Gembyung.
Seni
gembyung di kabupatén subang hususna miboga ciri anu mandiri. Aya sababaraha
parobahan utamana dina hal pamirig. Kitu deui dina tepakna. Ku ayana hal éta,
panulis ngarasa kataji pikeun ngayakeun panalungtikan anu dijudulan Transformasi dina Gembyung Dangiang Dongdo
Kabupatén Subang.
1.2
Rumusan Masalah
Rumusan masalah
dina ieu panalungtikan nya éta:
1)
Kumaha sausap
saulas seni gembyung Dangiang Dongdo kabupatén Subang téh?
2)
Kumaha seni
gembyung Dangiang Dongdo kabupatén Subang ditilik tina transformasi
waditrana?
3)
Kumaha seni
gembyung Dangiang Dongdo kabupatén Subang ditilik tina transformasi
pintonannana?
1.3
Tujuan Panalungtikan
Tujuan
diayakeunna ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadadarkeun:
1)
sausap saulas seni
gembyung Dangiang Dongdo kabupatén Subang;
2)
seni gembyung
Dangiang Dongdo kabupatén Subang ditilik tina transformasi
waditrana;
3)
Kumaha seni
gembyung Dangiang Dongdo kabupatén Subang ditilik tina transformasi
pintonannana.
BAB II
PEDARAN
2.1 Sausap
Saulas Seni Gembyung Dangiang Dongdo Kabupaten Subang
Seni buhun gembyung mangrupa seni anu mimiti sumebarna kalayan alpukahna
Sunan Kalijaga. Anjeunna nyebarkeun agama Islam kalayan média seni. Salasahiji
kasenian anu dikembangkeun hususna di lingkungan pasantrén nyaéta seni kobong
dongko (rebanaan).
Unggal ba’da Isya, para Santri biasana ngaderes nadham
sholawat Nabi nu dipirig ku tepak rebana silih témbalan anu saluyu jeung
wirahma tembang (nadham) dipapaés ku ibingan santri séjénna. Anapon disebut
seni kobong dongko, lantaran ibing nu dipraktékkeun sabari dodongkoan.
Seni kobong dongko satuluyna sumebar di masarakat kalayan
dina emprona diéré ngaran séwang-séwangan. Keur di Subang, para sesepuh baheula
méré sebutan kana tradisi nepak genjring/terebang téh ku sebutan Gembyung anu mangrupa wancahan tina Ageman jeung Kabiruyungan.
Gembyung salaku kasenian tradisional maké genjring salaku
alat utama. Dina unggal pintonanna, gembyung mintonkeun musik anu kalintang
sakral. Éta hal dicekel pageuh ku nayaga gembyung pikeun ngajaga kaaslian seni
tradisi nu diwariskeun ku karuhunna.
Seni gembyung anu dimekarkeun ku lingkung seni Dangiang
Dongdo miboga khas anu mandiri. Gembyung anu dikembangkeun mangrupa seni
gembyung asli anu dipadukeun jeung kendang, torompét, goong jeung waditra
séjénna anu biasa dipaké pikeun mirig genjring bonyok atawa sisingaan. Tarompét
salaku nu méré nada, miboga peran anu kacida pentingna dina pintonan seni
gembyung.
Seni gembyung Dangiang Dongdo miboga ciri
dibandingkeun seni gembyung séjénna nu aya di kabupatén Subang. Hal éta
dilantarankeun ieu sanggar mukakeun rasana, yén seni téh bisa robah kalayan
diwuwuhan ku waditra séjén jeung disapukan ku nu maénna. Hal éta bisa katitén
tina wadirta anu nambahan di luar seni gembyung séjénna, saperti goong,
kentrung jeung tarompét.
Sistem réligi dina ieu kasenian geus tangtu ngeunaan kaislaman.
Hal éta bisa katitén tina lagu anu dibawakeun anu sabagian maké basa arab jeung
eusina ngeunaan bagbagan kaislaman. Lian ti éta, bisa katitén tina raksukan ogé
maké baju koko atawa pangsi, diluyukeun jeung kontéks acarana.
Tapi saenyana, lian ti pangaruh Islam anu dominan,
masih katitén ayana pangaruh hindu anu can bisa dileungitkeun. Saperti ayana
sasajén nalika pidangan gembyung dimimitian. Teu katinggaleun ayana parukuyan
anu ngelun.
Grup seni gembyung Dangiang Dongdo dipingpin ku hiji
pupuhu, nyaéta Bapa H. Bébét. Anjeunna nu marajian gumelarna ieu grup kalayan
diwuwuhan ku dua sobatna nyaéa Bapa H. Moddi Madiana jeung Bapa H. Agustias
Amin.
Lumangsungna
ieu grup seni teu leupas tina kapamingpinan Pa H. Bebet dina ngokolakeun ieu
grup. Hal éta bisa katitén dina unggal kagiatan, ieu grup kalayan dialpukahan
ku sesepuh sareng pupuhu.
2.2 Seni Gembyung Dangiang Dongdo Kabupatén Subang
Ditilik tina Transformasi
Waditrana
Sakumaha geus dipedar di luhur
yén unsur kabudayaan nurutkeun C. Kluckhohn aya tujuh. Dina tujuh unsur éta, dadaran budaya kana ieu seni
bakal dipuseurkeun kana kasenianna.
Dina rumpaka lagu, basa
anu dipaké basa nu dipaké aya tilu nyaéta basa Sunda, Arab jeung Jawa. Salasahiji rumpaka lagu anu maké basa Jawa
jeung Arab bisa dititénan tina rumpaka Éngko
Koléar di handap.
Yar bismillah alaa ingga maning
Yar bismillah alaa ingga
maning
Ya Allah ya Rosulillah
Muhammadaa rasulillah
Dina
magelarkeun lagu di luhur, saukur maké terebang wungkul. Teu dipirig ku
torompét jeung sajabana. Nu maén sakabéhna ngahaleuang. Basa anu dipaké
mangrupa gambaran sumebarna harita ieu kasenian ka kabupatén Subang. Basa nu
dipaké nyaéta basa Jawa.
Harti
lagu di luhur nyaéta ageman urang nu saenyana nyaéta Allah téh Gusti urang,
Nabi Muhammad SAW nabi urang. Lian ti rumpaka anu maké basa Jawa jeung Arab,
aya ogé nu maké basa Sunda, saperti lagu Buah
Kawung di handap.
Buah
kawung ruruntuyan
Ragragan
kana wahangan
Rempug
jukung sauyunan
Nganggo
dasar kabangsaan
Buah
kawung sisi gunung
Ragragna
ka sisi émpang
Jalma
nu daék tutulung
Ku
sasama dipimelang
Dina
rumpaka buah kawung di luhur katitén wangun laguna dina sisindiran. Éta lagu di
luhur biasana dihaleuangkeun ku juru kawih. Béda jeung lagu Éngko Koléar di luhur anu
dihaleuangkeunana ku lalaki kabéh. Basa anu dipaké katitén maké basa Sunda.
Pangaweruh
anu katitén dina ieu seni anu utamana tangtu pangaweruh ngeunaan wawasan
senina. Atuh lian ti éta, loba pisan pedaran
atawa pépéling anu nyampak dina rumpaka gembyung pikeun dijadikeun ageman
hirup. Ka ayeunakeun, loba barudak kuliahan hususna ti STSI
(ayeuna ISBI) anu sok rajeun daratang ngumpul jeung nonoman nu aya di dinya
pikeun dialajar kana seni gembyung. Lian ti éta ogé, dikembangkeun ngeunaan
tarian-tarian anu sok dipaké dina seni Gembyung.
Transformasi
anu kalintang atrana dina ieu kasenian bisa ditingali ieu di handap.
1.
Waditra anu dipaké
Dina pagelaran seni gembyung
baheula, cukup ku waditra anu utama nyaéta terebang wungkul. Satuluyna éta
pirigan waditra diwuwuhan ku nadoman. Kaaslian seni gembyung saenyana masih
bisa ditingali dina pidangan gembyung ti Nagara Banceuy. Katingali dina
midangkeunnana masih kénéh ku lalaki. Kitu deui dina ngahaleuangna masih kénéh
réréongan nu narabeuh terebang.
Dina
pidangan gembyung Dangiang Dongdo geus maké tambahan waditra. Tujuanna taya
lian pikeun ngeuyeuban pintonan. Anapon waditra anu nambahan di antarana:
a.
Kendang
b.
Goong
c.
Kecrék
d.
Kentrung/silung
e.
Tarompét
![]()
Gambar 1
Goong
Sumber: Dokumentasi
Dangiang Dongdo
|
![]()
Gambar 2
Kentrung/ Silung
Sumber: Dokumentasi
Dangiang Dongdo
|
![]()
Gambar 3
Terebang
Sumber: Dokumentasi
Dangiang Dongdo
|
![]()
Gambar 4
Bedug
Sumber: Dokumentasi
Dangiang Dongdo
|
Tujuanna aya tarompét nya éta salaku nu méré patokan lagu
lantaran arasupna unsur seni ketuk tilu dina lalaguan gembyungna.

Gambar 5
Tarompét salaku
waditra anu poko dina gembyung Dangiang Dongdo
Sumber: Dokumentasi
Dangiang Dongdo
Sanajan teu
bisa dijadikeun acuan salaku pakasaban, tapi ieu kasenian bisa dijadikeun
salaku alternatif pakasaban kalangenan. Ieu seni bisa dipintonkeun dina acara
hajatan atawa sukuran.
Sanajan ieu
kasenian geus bisa ngadatangkeun rejeki, teu bisa dijadikeun patokan anu utama.
Hal ieu di lantarankeun anu nanggapna teu tangtu, nungguan heula usum kawinan
atawa sukuran séjénna.
2.
Asupna unsur sindén salaku pangeuyeub dina ieu kasenian
Ayana sindén dina ieu kasenian mangrupa salasahiji ciri ayana parobahan dina
seni gembyung. Pangaruh seni anu katitén pisan nyaéta tina seni bajidoran,
ketuk tiluan jeung sisingaan.
Sindén dina pidangan gembyung teu béda jauh jeung pidangan ketuk tilu jeung
bajidoran. Dina lagu ketuktiluan, nu ngibing biasana dibarengan ku nyawér.
2.3 Seni
Gembyung Dangiang Dongdo Kabupatén Subang Ditilik tina Transformasi Pintonanna
Kaayeunakeun, seni gembyung anu baheula miboga sifat
sakral jeung sok dipaké dina upacara rada ngagésér, utamana dina fungsina nu
kaayeunakeun leuwih katémbong fungsina salaku hiburan jeung pertunjukan.
Tangtu ayana seni gembyung baheula moal bisa
disaruakeun jeung seni gembyung ayeuna, utamana dina pakakas atawa téknologi
anu dipaké nalika midang. Waditra anu dipaké masih tetep maké nu tradisional
saperti terebang, kendang, goong jeung sajabana. Tapi lian ti éta, pikeun
mintonkeun ieu seni sok diwuwuhan ku sound
system. Hartina, ieu kasenian sacara teu langsung geus mimiti kabawa kana
jaman kaayeunakeun. Sacara umum, seni gembyung dipaké salaku
sarana upacara, hiburan, jeung pintonan. Salaku upacara, seni gembyung
kalintang disakralkeunnana. Dina hiburan jeung pintonjan, seni ngembyung
mangrupa sarana pikeun nyalurkeun kalangenan jeung pangaresep. Katingali dina
pintonannana sok sabari diibingan.
Dina raraga ngigelan jaman, seni gembyung Dangiang Dongdo
geus ngalaman sababaraha transformasi. Hal éta bisa katitén tina sababaraha
aspék di handap.
1.
lagu anu dihaleuangkeun
Lagu-lagu anu dihaleuangkeun ku
sindén salian ti ketuk tilu diasupan ogé ku pop Sunda. tujuanna pikeun
ngeuyeuban lagu. Tapi dina prungna pintonan, sindén masih tetep mertahankeun
étika dina kasenian. Teu cara seni bajidoran anu miboga kesan kurang sopan.
2.
Dipidangkeun dina rupa-rupa acara
Salian
ti ayana unsur ketuk tilu, ieu kasenian ogé kungsi dijadikeun seni pertunjukan
di ISBI Bandung. Satuluyna anu paling ngirut nyaéta nalika ieu seni dipaké
upacara mapag pangantén. Tangtu kalayan prakprakan mapag pangatén.
Anapon
aransemen musik anu sok dipaké dina acara mapag pangantén nyaéta:
a.
Overcure anu biasana
maké arang-arang sisingaan;
b.
Gobyog, dimana
musik ditabeuh kalayan gancang;
c.
Macan ucul, mirig
baksa;
d.
Ketuk tilu, biasana
maké lagu sinur pikeun mapag léngsér, jeung bardin pikeun mayang.
3.
Robahna lagu kana wanda séjén
Dina salasahiji lagu anu sok dipidangkeun dina seni
gembyung Dangiang Dongdo nyaéta Éngko
Sumedang jeung Ayun Ambing. Ieu
lagu geus ngalaman transformasi dijadikeun lagu pop Sunda. kitu deui lagu Siuh, Bangbung Hideung, Kembang Gadung,
jeung Éntog Mulang geus mimiti
tiheula ditransformasi kana wanda pop Sunda.
BAB III
PANUTUP
3.1 Kacindekan
Seni
gembyung mangrupa kabeungharan seni Sunda anu saenyana kudu dimumulé. Dina ieu
seni ogé nyampak tujuh unsur budaya. Dina ieu seni ogé kagambar kumaha
kahirupan masarakat anu ngagugulung ieu kasenian, boh tina kahirupan sapopoéna
boh dina pidangan kasenianana.
Transformasi
anu nyampak dina ieu kasenian tangtu teu ngaleungitkeun ajén senina. Tangtu ku
ayana transformasi ieu miboga tujuan sangkan ieu kasenian tetep dipikaresep ku
balaréa hususna generasi ngora.
3.2 Saran
Dina
gumelarna ieu makalah, tangtu masih loba kakurangan, boh dina panulisan boh
dina eusina. Ku kituna perlu ayana panalungtikan anu leuwih jero ngeunaan ieu
kasenian. Lian ti éta, pikeun seni gembyung sorangan, perlu ayana perhatian anu
leuwih pikeun ngahirup-huripkeun ieu kasenian.
DAFTAR PUSTAKA
Dongdo, Dangiang.
2007. Buku Panduan Nyukcruk Enas-enasna
Seni Buhun Gembyung. Subang: Padepokan Seni dan Budaya Gembyung Dangiang
Dongdo Subang.
Hendarsah, M.
Khadar, dkk. 2008. Ragam Budaya Kabupaten
Subang (Pendokumentasian Seni dan Budaya). Subang: Dinas Kebudayaan
Pariwisata Pemuda dan Olahraga.
Kusma, dkk. 2007. Sejarah Kabupaten Subang. Subang: Dinas
Kebudayaan Pariwisata Pemuda dan Olahraga.
www. Wikipedia.co.id
Tidak ada komentar:
Posting Komentar